Cerita Rosul Dan Seorang Kakek~Kakek

الثلم عليكم ورحمةالله وبركآته baraya kumaha daramang yeuh ,
Alhamdulillah tepang deui sareng sim kuring yeuh ! Dina siang ieu sim kuring ngaluangkeun waktoz nga post bade ngadongeng yeuh baraya,anu kaleresan dina ieu dinten teh pertengahan sasih romadon ,kumaha atuh baraya masiiH karariat keneh saom teu? ,
kiatkeun baraya akh!,
dongeng na rada sejarah yeuh baraya ,sateu acana sim kuring nyuhunken di hapunten sok bilih aya nu lepat dina ieu postingan manga tegur wae di comentar ,
atuh langsung wae baraya akh kieu dongeng na geura yeuh ,

1 waktos sawaktos kapungkur jaman kangjeng rosul aya 1 aki~aki anu kaayaanana eta aki~aki teh tos teu ningali oge ieu si aki teh tos teu terang ka kulawargina dimana jeung saha ,
ieu aki~aki teh agama na kapir kalayan benci pisan ka kangjeng rosullallah solallahu alaihi wasalam ,
hirupna ieu aki~aki teh geus teu puguh cicing na jadi init na aki~aki teh nuturkeun inung sukuna, kamana inung sukuna nunjuk kadinya maneh init,

hiji waktu ieu si aki teh ngarasa lapar jeung cape atuh manehna istirahat di hanapeun tangkal korma ,anu eta korma teh kaleresan paliwatan kanjeng rosul,

1 mangsa kangjeng rosul ngaliwat kadinya kasampak eta s aki teh keur pupuringisan lapar bari eta si aki teh keur nyaritakeun rosul (ngacapruk sorangan ) maneh na nyaci rosul, ngahina jeng sajabana anu matak ngarendahkeun rosul , tapi sok sanajan kitu ku rosul teu di ango nyeri hate malahmah rosul karunyaeun atuh langsung wae rosul nyandak kurma,
kumargi eta kurma pami langsung di pasihkeun tangtu si aki teuaseun tah kukituna eta korma dikunyah/di lemukeun heula teras di pasihkeun ,
si aki ngarasa bungah maneh na aya nu mere dahareun ,ceuk si aki ; "dahareun naon ieu nu pasihken ka kami rasana nikmat pisan tur lembut ," saur rosul " ieu teh korma " ,

tah ti saprak harita setiap harina rosul slalu masihan korma ka si aki eta kusabab si aki ti harita teu nyingkah tidinya ,

1 mangsa kacaritakeun rosulALLAH ,cunduk waktu ningang mangsa rosulalah WAFAT (inna lillahi wa inna ilaihi roji'un) sadaya para sahabat rosul anu ngadangu kana eta berita sadayana oge teu percanten kana eta berita tapi dalah di kumaha takdir teu bisa di pungkir kitu kaayaanana ,
saparantos rengse tos beres di rawatan jeng sajabana kacarita sayidina ali dongkap ka bumi rosul anjeuna tumaros ka siti aisyah (istrina kanjeng rosul) saur sayidina ali " naha aya prilaku rosul anu can ka pilampah ku kami , " siti aisyah ngawaler , "kabiasaan rosul akhir2 ieu anjeuna sok masihan kurma ka 1 aki~aki anu aya di hanapeun tangkal kurma " atuh langsung wae sayidina ali nyandak korma menuju si aki eta
saparantosna dugi langsung wae eta kurma di pasihkeun ka si aki , si aki ngarasa aneh tur heran ,
ceuk si aki "naha kieu rasana beda ti nu biasa kamana nu biasa ari anjeun saha " sayidina ali ngawaler ; "kuring sahabat rosul ,anu biasa nyaah ka anjeun nyaeta rosulalah muhammad jenengana, ayeuna anjeuna parantos WAFAT , "
si aki ngadangu berita kitu hate na nyeblak maneh na ngarasa hanyakal tur kaduhung ,ceuk pikirna " geuning nu di omong2 goreng ku kami teh anu sok mikanyaah ka kami tapi anjeuna maha hampura sok sanajan ku kami di omongkeun goreng anjeuna tetep ngahampura malah malik nyaah sungguh muhammad itu kanyaah na ka sadaya umat /teu pandang bulu , "

ti saprak harita si aki teu daek dahar sok sanajan sayidina ali rodiallahu anhu sering ngalayad tur masihan tuangeun ka eta s aki ,tapi tetep eta si aki teu daekeun, anu akhirna eta si aki MAOT

selesaiii...., hanjakal mah tara tiheula nya baraya ,kasimpulan di candak nyalira~nyalira ,ieu carita di candak ti guru sim kuring sawaktos kuring masih ngaos kapungkur guru sim kuring "KANG ECEP"

(MARI KITA SAMA~SAMA RAJIN MEMBACA SHOLAWAT KEPADA NABI KITA SEMUA ,SMOGA KITA SEMUA MENDAPATKAN SAPA'AT NANTI DI YAUMIL AKHIR DARI KANJENG NABI MUHAMMAD S.A.W AMIIIIN.....)

Dugi kadieu wae heula sim kuring ngadongeng teh baraya ,
sa kali deui hapunten sim kuring bilih aya kalepatan ,manga atuh kuring pamit wassalaaamm.......

Subscribe to receive free email updates:

8 Responses to "Cerita Rosul Dan Seorang Kakek~Kakek"

Otong Buncir mengatakan...

Nyimak n baca

Edo Cibayawak mengatakan...

mangga kang!

Anie mengatakan...

Wah aku wong jowo gx ngrti.. Bahasanya.. Lw bisa c.. Pke bahasa jakarta ja dch.. Biar smuanya ngrti sob

Edo Cibayawak mengatakan...

@mba anie , ya baik lah event mendatang pake bhs indo dech, :D

Nurcahyo eNwin mengatakan...

kunjungan balik sob.. 8)
gk mudeng bahasanya.. aku orang jawa neh.. hehe..
salam kenal sob.. 8)

Edo Cibayawak mengatakan...

@kang Nurcahyo eNwin, aduh gk mudeng ya sayang ya ! gak pa pa lah makasih dah berkunjung , lam kenal balik ! :D

Maria mengatakan...

Abdi org jawa teu ngerti atuh kang, pdhl abdi trtarik ma judulnya, kalo bs d post brikutnya dterjemahn k bhs jawa eh bhs indo mksd abdi :D

Edo Cibayawak mengatakan...

@ teh maria ,itu bisa bhs sunda , insyaAllAH lain waktu di bhs jakarta in ya ! :D Hehehe


@Ultimate Free Web Hosting ,iya ya :D