SAJARAH SITU SANGIANG cibalanarik tasikmalaya

SAJARAH SITU SANGIANG

Assalamualaikum Wilujeng Tepang deui baraya mudah~mudahan baraya sadaya aya dina kasehatan Lahir sinareng Batin
Ka carita Di Salahsawios pasisian leuweung aya Hiji pilemburan ,Lembur anu masih keneh bisa di itung penduduk na , atuh nyaba ka pileuweungan nana masih keneh subur ku bubuahan , kadu ,kupa ,picung,nangka , sok komo deui ku sabangsaning , pining , parasi, hangasa, oge seueur bubuahan nu liana . Katambih ku endah na gunung jeung pileuweungan nu hejo ngeplok , di papaes ku recetna sora manuk~manuk sing caruit ting galaleber ciga nu galumbira bari neangan dadahareun nana , oge oray-oray masih keneh sing galalisir ,jeung sato~sato sejen na ge masih keneh araya...... Emh kabayang pisan ciga na mun hirup mangsa harita cigana endah kabina~bina nya baraya
Atuh di pilemburan nana warga pausahaan nana mung tani ngagarap leweung di pelakan ku naon bae sakirana ngajadikeun kadaharan pikeun kahirupan nana
Dina hiji mangsa kacarita di eta lembur teh aya hiji imah anu keur hajat kacida galumbira na pikeun anu milu ulu biung dina hajatan eta
Tah kacarita datang waktu dahar nu aya di dinya kabeh balakecrakan dalahar, di saluarun imah aya Hiji budak duka budak saha jeung budak timana ,eta budak ngurilingan eta imah maksud hayang di bere dahareun ku nu aya di imah eta, tapi anu aya didinya teu nawaran sok komo mere dahareun mah , anu aya eta budak kalah di hina jeung di usir , atuda maklum eta budak teh bujil ciga nu tara mani 'duka enya meureun' jeung deuih teu make baju deuih , tapi di satukangeun eta ,aya hiji nini~nini anu bageur mere dahareun ka eta budak , saengeusna jalma~jalma buriak eta budak datang bari nancebkeun nyere di buruan imah , eta budak, ka jalma~jalma nitah nyabut eta nyere ,tapi hiji oge euweuh nu kuateun , nya nu akhirna eta nyere di cabut ku eta budak , aneh eta urut panyeceban nyere nga burial cai anu lumayan gede anu akhirna eta cai beuki gede beuki gede anu nga akibatkeun kabeh jalma buriak nyalametkeun dirina sewang sewangan kulantaran di berit cai anu terus beki gede , tapi akhirna kabeh ge euweuh nu salamet mung Hiji nini anu mere dahareum ka eta budak tadi , eta si nini di bawa ku eta budak tumpak lisung nu akhirna eta nini salamet , nu akhir na eta tempat ngajadi situ nepika ayeuna ,
tah kumargi kitu baraya sadaya ulah nyapirakeun ka hiji jalma anu katingalina bujil ,kumuh , bodo , ciga nu euweuh ka nyaho , eta jalama tetep ku ku urang kudu di ajenan atawa di hargaan Ulah rek di hina eta jalma , sabab papada jalma urang kudu silih hargaan , tong kena kena manehna miskin nepika urang emung ngabalad jeung manehna
Tah Kitu carita nu ka dangu ku sim kuring hapuntena wae bilih aya nu lepat boh dina carita ieu dongeng atanapi dina ieu seratan Tah atuh di handap ieu gamar gamar
Situ Sangiang Waktu Ayeuna





Situ sangiang ieu kiwari jadi tempat wisata kango wilayah Tasikmalaya sareng sabudereun nana , sok bilih baraya aya nu minat ka situ ieu manga Ieu situ teh ngabentuk na teu buled tapi ngajolok 7 jolokan ,mung ati-ati wae di ieu tempat ,kumargi ieu tempat rada galak curig na ,anyar anyar ayeuna di ieu tempat teh aya sorogoto anu akhirna kapenak2 parantos teu aya nyawaan... Ieu tempat teh ayana di Cibalanarik kab tasikmalaya ti terminal cibalanarik tinggal kalebak teras tuturkeun jalan ageung eta...
tah sakitu nu kapihatur... wassalam......

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SAJARAH SITU SANGIANG cibalanarik tasikmalaya"